Pesen Pamungkas

“ Kuring geus beakkeun kecap!”, manehna ngarahuh, ngadu ka talaga, nu tetep anteng ngimpleng simpena peuting. Ciibun nu ngagayot, na pucuk-pucuk daun, ngan bisa olohok, manghariwangkeun bulan nu nguliat, muka catetan hirup peuting ieu . “ Kudu ku cara kumaha deui, Kuring nanya !?” , manehna cumalimba, ngajak ngobrol ka bentang, nu geus teu dangiangan. Rombongan Kalong nu pareng ngaliwat, ngan ngareret sakeudeung, laju tuturubun indit, ninggakeun manehna, nu keur ngudag-ngudag kalangkangna sorangan. “ Kuring geus nepi, kana batas sabar !”, manehna ngoceak, bari nganaha-naha ka angin nu terus gogonjakan, ngurilingan biwir lamping, nyimpen kapeurih hatena na dasar jungkrang. “ Kuring Rek Indit !” , jorowokna , urat beuheungna ranteng, nyimpen ka katugenah nu teu kakedalkeun. Taya nu mirosea !, Ngan manuk Nazar, nu datang ngaleut, maca kereteg hate manehna. laju nyasaak awakna, ti mangpirang-pirang arah angin. Mawa pesen pamungkasna indit. Ka hiji tempat, nu angin ge teu pernah nyaho lebah-lebahna .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Godi Suwarna: :"Sip, Mang Yan..! Karaos pisan katugenahna nu bade miang teh. Nya naon deui atuh nu dipaharep lamun sagalana ngan sakadar matak tugenah, kajaba ti miang teuing ka mana. Judulna : Pesen Pamungkas. Rupina maksadna mah: Amanat Pamungkas, kitu..?"
  2. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Sumuhun ...Nun !, duka kumaha, aya nu teras sumarambah dina manah, mireng Zaman nu tos sakieu pasolengkrahna . Raraosan the, asa tos " Beak Dengkak", ngabelaanana.Hoyong nyobian ngaraosan hirup di alam nu teu ptos tebih sareng implengan. Tapi ningan asa teu aya euih-euihna, muwuh asa langkung nambihan kasumpeg manah ! he he he he he he ... ( Hatur sewu nuhun kana apresiasina Ang Prabu . Lajeng ... perkawis judul fikmin , rumaos sim kuring lepat, nyeta titatadi ge , sim kuring teh dugi ka kerung-kerung, ngemutan PESEN. asa kirang PD bade di angge teh, sakedahna mah Amanat nya ?, hatur nuhun pisan kana koreksina Kang Prabu !!! )